Setelah kematian, umat manusia akan menghadapi kehidupan alam barzakh dan alam akhirat. Sebagaimana diketahui, alam akhirat merupakan alam yang lebih kekal dan lebih baik. Hanya saja, kebaikan alam akhirat khusus untuk orang-orang yang bertakwa.

Khutbah Jum‘at berbahasa Sunda ini berjudul, “Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Nyiapkeun Kahirupan Saatos Maot”. Untuk mencetaknya, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat!

Hadirin sidang jumah rohimakumulloh

Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Alloh Robbun Gofur. Dzat anu murbeng alam, Dzat anu maha ngatur sadaya makhluk, Dzat anu maha maparin rizki sareng rupi-rupi ni’mat ka sadaya ciptaan-Na. Mudah-mudahan urang sadayana kalebet hamba-Na anu sapapaosna syukur sareng taat ka Mantenna.

Solawat kalih salam mugia tetep dilimpahkeun ka panutan alam, pamingpin para nabi sareng rosul, anu nyandak rohmat ka sadaya alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw. Teu hilap ka kulawargina, para sahabatna, para tabiin sareng tabiatna, dugika urang sadayana anu sapapaosna miharep diangken umatna anu kenging syadaatna dina di yaomil jaza.

Sateuacan ngalajengkeun khutbah, khotib teu weleh-weleh wasiat ka ahli Jumah sadayana, hayu urang sasarengan ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt. Sabab, yakin sareng tetela jalmi anu pang mulya-mulyana di payuneun Alloh nyaeta jalmi anu pang takwana.

Maasyiral muslimin rahimakumulloh

Salaku jalma anu iman kana poe akhir, urang yakin jeung percaya yen saparantos urang maot bakal mayunan kahirupan alam barzakh. Saparantos nyorang alam barzakh urang bakal mayunan alam mahsyar, anu kadituna lebet alam akherat anu langkung kekal, langkung panjang, jeung langkung hade keur jalma-jalma anu takwa, sakumaha pidawuh Alloh dina Al-Quran:

Hartosna, “Jeung akherat teh langkung hade kangge jalma nu taqwa”

Patarosannana, naha urang masih lalawora nyiapkeun bekel kangge di alam akherat? Sakapeung mah urang siga nu ingkar kana maot nu jadi gerbang lebetna alam akherat, oge teu sadar yen urang teh asalna maot, teras dihirupkeun ku Alloh, teras dimaotkeut deui teras dihirupkeun deui. Cobi hayu urang sami-sami titenan pidawuh Alloh dina ayat sanesna.

Hartosna, “Kumaha aranjeun bisa ingkar ka Alloh, padahal aranjeun tadina maot, tuluy Anjeuna (Alloh) ngahirupkeun aranjeun, tulus Anjeuna (Alloh) ngamaotkeun aranjeun, tuluy ngahirupkeun deui aranjeun. Ukur ka Mantenna aranjen dibalikkeun,” (QS. Al-Baqoroh [2]: 28).

Maasyiral muslimin rahimakumulloh

Salajengna, salaku jalmi anu gaduh cita-cita hoyong janten hamba anu takwa, kedah kumaha urang nyiapkeun kahirupan alam barzakh sareng alam akherat anu langkung sae?

Tangtosna seueur pisan tungtunan Kangjeng Rosul anu tiasa ku urang laksanakeun dina raraga nyiapkeun kamatian sareng alam akherat, diantawisna aya tilu perkara.

Kahiji, migawe amal sahade-hadena. Dina surah Al-Mulk ayat 1-2, Allah parantos ngadawuh:

Hartosna, “Mahasuci Alloh anu Mahanguasai (sadayana) karajaan, sareng Anjeuna Mahakawasa kana sagala rupa perkara. Dzat anu nyiptakeun maot jeung hirup kanggo nguji aranjeun, saha di antara aranjeun anu leuwih hade amalna. Jeung Anjeuna Mahaperkasa, oge Mahapanghampura,”

Maasyiral muslimin rahimakumulloh

Sapertos kumaha amal pang hadena teh? Salah sawios indikatorna nyaeta, amal anu istiqamah, sakumaha anu diuningakeun hadits Kangjen Rosul:

Hartosna, “Saenya-enyana amal anu pang hadena teh nyaeta amal anu rutin sanajan saalit,” (HR. Abu Hurairoh).

Amal anu pang hadena oge ngandung hartos midamel amal anu saikhlas-ikhlasna, amal anu samaksimal mungkin, sareng amal anu sasampurna mungkin, imma nalika muamalah sareng Allah, imma nalika muamalah sareng papada jalma. Oge tong hilap supaya amal urang langkung soson-soson dina midamel amal, maka patrikeun dina manah urang yen bisa jadi amal anu keur dipidamel teh nyaeta amal anu terakhir dipidamel ku urang.

Maasyiral muslimin rahimakumulloh

Kadua, nyiapkeun kahirupan alam barzakh sareng alam akherat tiasa dilakukeun ku cara midamel amal anu terus ngalir pahalana. Di antara anu tiasa ku urang dipersiapkeun nyaeta nyeueurkeun amal jariyah, ilmu anu bermanfaat, sareng ngadidik murangkalih urang supaya jadi murangkalih anu soleh sareng anu jaga tiasa ngadoakeun ka urang, sakumaha pidawuh Kangjeng Rosul:

Hartosna, “Lamun hiji jalma maot, maka pegat amalna kecuali tilu perkara, sedekah jariyah, elmu anu manfaat, sareng anak anu soleh anu salawasna ngadoakeun ka orang tuana,” (HR. Muslim).

Katilu, ulah pegat ngadoa supaya dipasihan maot anu husnul khotimah. Patarosannana, naon ari maot husnul khotimah teh? Di antara tanda utama maot husnul khotimah teh nyate nalika akhir hayatna ngucapkeun kalimah Lailaha illalloh.

Dina salah sawios hadits soheh anu diriwayatkeun ku Imam Abu Dawud, Rosululloh parantos ngadawuh:

Hartosna, “Saha wae anu akhir ucapannana kalimah ‘Lailaha’illalloh’, maka anjeuna bakal asup ka surga.”

Indikator sanesna jalmi anu husnul khotimah teh nyaeta di akhir hayatna anjeuna tiasa midamel padamelan anu hade. Hal ieu parantos diuningakeun ku Kangjeng Rosul ngalangkungan haditsna:

Hartosna, “Nalika Alloh ngairodah kahadean ka hiji jalma, maka Anjeuna bakal mere kamampuan keur midamel eta kahadean. Para sahabat tumaros: ‘Kumaha mere kamampuan keur midamel kahadean teh?’ Mantenna ngawaler: ‘Alloh bakal maparin taufiq ka anjeuna keur midamel amal soleh samemeh maot,’” (HR. Ahmad sareng at-Tirmidzi).

Maasyiral muslimin rahimakumulloh

Terakhir, mugia urang sadayana kalebet hamba Alloh anu takwa, hamba anu kenging taufiq sareng hidayah kanggo midamel amal sae, kalayan jaga urang maot dina kaayaan husnul khotimah, oge kenging kahirupan akherat anu sae, pinuh ku rohmat sareng magfiroh Alloh swt.

Barakallahu li wa lakum fi al-Qur'an al-'azhim, wa nafa'ani wa iyyakum bi ma fihi min al-ayat wa al-dzikr al-hakim, waqabbal minni wa minkum tilawatahu, innahu huwa al-sami'u al-'alim. Aqulu qawli hadza astaghfirullah li wa lakum wa lisairi al-muslimina wa al-muslimat wa al-mu'minina wa al-mu'minat fas taghfiruhu innahu huwa al-ghafur al-rahim.

Khutbah II

Alhamdulillahilladzi bini'matihi tattimmush shalihat, wa bifadlihi tatanazzalul khayrat wal barakat, wa bitaufiqihi tatahaqqaqul maqashid wal ghayat. Ashhadu an la ilaha illallah wahdahu la syarika lah, wa ashhadu anna Muhammadan 'abduhu wa rasuluhu, la nabiyya ba'dahu. Allahumma shalli wa sallim wa barik 'ala sayyidina Muhammad wa 'ala alihi wa sahbihi al-mujahidina al-thahirin.

Ammaba'du, ya ayyuha al-hadirun, ushikum wa iyyaya bi taqwallahi wa ta'atih, la'allakum tuflihun. Ya ayyuha alladhina amanu ittaqullaha haqqa tuqatihi wa la tamutunna illa wa antum muslimun, wa tazawwadu fa inna khayra al-zadi al-taqwa. A'udhu billahi mina al-syaitan al-rajim. Innallaha wa mala'ikatahu yusalluna 'ala al-nabiyyi ya ayyuha alladhina amanu sallu 'alayhi wa sallimu tasliman, Allahumma salli 'ala sayyidina Muhammad wa 'ala ali sayyidina Muhammad kama sallayta 'ala sayyidina Ibrahim wa 'ala ali sayyidina Ibrahim wa barik 'ala sayyidina Muhammad wa 'ala ali sayyidina Muhammad kama barakta 'ala sayyidina Ibrahim wa 'ala ali sayyidina Ibrahim innaka hamidun majid. Allahumma ghfir li al-muslimina wa al-muslimat, wa al-mu'minina wa al-mu'minat, al-ahyaa'i minhum wa al-amwat, innaka sami'un qaribun mujib al-du'at, Allahumma ghfir lana dhunubana wa dhunuba waldaina warhamhuma kama rabbayana saghiran, rabbana ghfir lana wa li ikhwanina alladhina sabaquna bil-iman wa la taj'al fi qulubina ghillaan lilladhina amanu rabbana innaka raufun rahim, rabbana zhalamna anfusana wa in lam taghfir lana wa tarhamna lanakunanna min al-khasirin, rabbana atina fi al-dunya hasanah wa fi al-akhirati hasanah waqina 'adhaba al-nar.

Ibadallah, inna Allah ya'muru bil 'adli wa al-ihsani wa ita'i dhi al-qurba wa yanha 'an al-fahsha'i wa al-munkari wa al-baghy, ya'izzukum la'allakum tadhakkarun, fadzkurullaha al-'azhim yadzkurkum wa s'aluhu min fadlihi yu'tikum wa ladhikr Allahi akbar.

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.