Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda: Pentingnya Manusia sebagai Makhluk di Alam Semesta

"Artikel ini membahas tentang pentingnya manusia sebagai makhluk di alam semesta dan bagaimana manusia harus memenuhi janji yang telah diikrarkan kepada Allah."

Khutbah Jumat dalam Bahasa Sunda: Pentingnya Manusia sebagai Makhluk di Alam Semesta

Jauh sebelum lahir ke dunia, manusia sudah terikat perjanjian dengan Allah. Tidak sedikit manusia yang ingkar janji, menyimpang, dan kufur serta lupa atas janjinya sendiri di hadapan Allah. Makanya Allah mengutus para rasul untuk mengingatkan janji itu. Sehingga tidak ada hujjah bagi mereka untuk tidak beriman saat ditagih janji pada hari Kiamat kelak.

Teks khutbah Jumat berikut ini berjudul 'Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Jangji Manusa saacan Gubrag ka Alam Dunya'. Untuk mencetak naskah khutbah Jumat ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat! (Redaksi)

Khutbah I

Alhamdulillahilladzi tafarrada bijalali malakutihi, wa tawwahhada bijamali jabarutih wa ta'azzaza bi'uluiyyatihi, wa takabbara fi dzathihi 'an mudari'ati kulli nadzirin, wa tanazzaha fi shifaaihi 'an kulli tanaahin wa qusurin, lahu shifatu almukhtashshatu bihaqqihi, wal ayaatu annatiqotu bi-annahu ghairu musyabbihin bi khalqihi.

Wa asyhadu an laa ilaha illallah wahdahu laa syarika lahu, syahadatan muqinin bi tauhidihi, mustajirin bi hasani ta'idihi. Wa asyhadu anna sayyidina Muhammadan 'abduhu al-musthafa, wa aminuhu al-mujtaba wa rasuluhu al-mab'utsu ila kaafati al-waraa shollallohu 'alaihi wa 'ala aalihi masabiihud-duja, wa 'ala ash-habih mafaatiihul-hudaa, wa sallama tasliiman katsiiran.

Ammaba'du, ayyuhan-naasu, ittaqu Allah wa'buduhu, fa innallaha khalaqakum, lizalika qala ta'ala: 'Wa idz akhadz rabbuka min banii adam min zhuhuurihim dhurriyyatuhum wa asyhadahum 'ala anfusihim' wa qala: 'Wa ma lakum laa tu'minuuna billahi wal rasulu yad'uukum litu'minu billah wa qad akhadz miiitsaaqakum in kuntum mu'minin' sadakallahu al-'adziim wa sadakarasuluhul-habiibul-kariim wa nahnu 'ala dzaalika minasy-syaahidiina wash-shaakiriina wal hamdulillahi robbil 'aalamiin.

Hadirin rahimakumulloh

Tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh Robbun Gofur, Dzat anu parantos ngalimpahkeun rupi-rupi ni'mat ka urang sadayana. Solawat sareng salam mugia salamina dilimpahkeun ka Baginda Nabi Muhammad saw oge ka kulawargina miwah para sahabatna, tabi'in kalih tabia'atna, dugika ka urang sadayana salaku umatna anu miharep kenging syafaatna.

Sateuacan ngalajengkeun khutbah, sakumaha biasa khotib seja ngadugikeun wasiat takwa khusus ka diri khotib pribadi, umum ka ahli jumah sadayana. Sabab, ukur katakwaan sareng kaimanan anu janten ukuran kamulyaan hiji hamba di payuneun Pangerannana.

Hadirin rahimakumulloh

Peryogi ku urang diimani yen sateuacan gubrag ka alam dunya, urang tos kabeungkeut ku perjangjian sareng Alloh. Jeung teu aya hiji rosul anu diutus ku Alloh anging ngingetan jangji urang, sakumaha disebatkeun dina kitab suci Al-Quran.

Wa ma lakum laa tu'minuuna billahi wal rasulu yad'uukum litu'minu billah wa qad akhadz miiitsaaqakum in kuntum mu'minin

Hartosna, 'Jeung kunaon anjeun teu iman ka Alloh padahal rosul tos ngajak aranjeun supaya iman ka pangeran aranjeun. Oge saenya-enyana Alloh parantos nyandak perjangjian aranjeun lamun aranjeun ariman,' (QS. Al-Hadid [57]:8).

Ieu ngandung hartos, iman ka Alloh teh kawajiban keur urang. Sabab, salian ti urang tos jangji rek nauhidkeun jeung iman ka Allah, para rosul oge tos ngemutan jangji urang.

Hadirin rahimakumulloh

Patarosannana, iraha urang jangji rek nauhidkeun Alloh? Diuningakeun dina hadis Nabi saw., jangji eta saatos bapa urang Nabi Adam 'alaihissalam diciptakeun. Kitu sakumaha anu disebatkeun dina hadis riwayat Abu Hurairoh.

Lamaa khalaqallahu Adam, masaha zhahroh, fasaaqot min zhahrihi kullu nafsin huwa khaliquha min dhurriyyatihi ila yaumil qiyamah, wa ja'ala baina 'ainay kulli insaanim minhum wa biisan min nuurin, thumma 'aradahum 'ala Adam faqola: Ayyuha rabbu, man ha'ulai? Qola: Ha'ulai dhurriyyatuk.

Hartosna, 'Nalika nyiptakeun Adam, Alloh ngusap tonggongna. Maka muruluk tina tonggongna satiap jiwa turunan anu bakal diciptakeun Alloh ti diri Adam nepika poe Kiamat. Salajengna, di antara dua panon satiap manusia tina turunannana Alloh ngajadikeun cahaya anu moncorong. Teras, aranjeuna disodorkeun ka Nabi Adam. Anjeuna tumaros, 'He Gusti, saha ari aranjeuna?' Alloh ngawaler, 'Maranehna teh turunan anjeun,' (HR. Al-Tirmidzi).

Nalika sadayana calon turunan Adam 'alaihissalam dikeluarkeun tina tonggongna, Allah nyandak jangji jeung sumpah aranjeuna. Kitu numutkeun Al-Quran.

Wa idz akhadz rabbuka min banii adam min zhuhuurihim dhurriyyatuhum wa asyhadahum 'ala anfusihim

Hartosna, 'Jeung (sing emut), nalika Pangeran anjeun ngaluarkeun turunan anak-anak Adam tina sulbi maranehna, sareng Alloh nyandak kasaksian kana eta diri maraneha,' (QS. Al-A'raf [7]: 172).

Numutkeun kitu, moal deg kiamat samemeh sadayana turunan Adam anu tos dicandak sumpah jeung jangjina tea gubrag lahir ka alam dunya. Kitu numutkeun anu dijelaskeun ku Abu Muhammad Sahl dina Tafsir at-Tasturi, terbitan Darul Kutub al-'Ilmiyyah, jilid 13, kaca ka 222.

Hadirin rahimakumulloh

Teras, kunaon manusa ingkar jangji, nyimpang sareng kufur? memang sapertos kitu sifat manusa. Manusa poho kana jangji nyalira di payuneun pangerannana. Makana Alloh ngutus para nabi sareng rasul kanggo ngemutan jangji eta. Sahingga teu aya hujjah atanapi alesan keur aranjeuna keur teu iman nalika ditagih jangji dina poe Kiamat jaga.

Mugia urang kalebet hamba anu sagolek pangkek sacangreud pageuh kana kana jangji, terutama jangji kanggo nauhidkeun Alloh, sahingga jaga di akherat kalebet hamba anu salamet sareng kenging rida-Na. Amin ya robbal alamin.

Baarokallahu lii wa lakum fi al-Qur'anil 'adziim, wa nafa'ani wa iyyakum bima fihi min al-ayaati wadz-dzikril-hakiim, wa taqabbalallahu minni wa minkum tilaawatahu, innahu huwas-samii'ul-'aliim, aqulu qauli hadza wa astaghfirullahal-'adziima lii wa lakum wa lisaairil muslimiina wal muslimaat, fas taghfiiruuhu innahu huwal-ghafuurur-rahiim.

Khutbah II

Alhamdulillahilladzi amaranaa bil-ittihad wa al-i'tishami bihablillahil-matiin. Asyhadu an laa ilaha illallah wahdahu laa syarika lahu, iyyaahu na'budu wa iyyaahu nasta'in. Wa asyhadu anna Muhammadan 'abduhu wa rasuluhu, al-mab'uutsu rahmatan lil-'aalamiin. Allahumma sholli 'ala sayyidina Muhammadin wa 'ala aalihi wa ashabihi ajma'iin. Ittaqu Allah ma astatha'tum wa saari'u ila maghfiratir robbil 'aalamiin. Innallaha wa malaikatahu yushalluuna 'alan nabi, yaa ayyuhalladziina aamanuu sholluu 'alaihi wa sallimu tasliiman. Wa shollallahu 'ala sayyidana wa mawlaana Muhammadin wa 'ala aalihi wa shahbihii wa sallam.

Allahumma ghfir lil-mu'miniina wal-mu'minaati wal-muslimiina wal-muslimaat al-ahyaa-i minhum wal-amwaat, innaka samii'un qariibun mujibu ad-da'awaat wa yaa qodhiyal-haajaati birohmatika yaa arhamar-roohimiin.

Allahumma innaa na'udzu bika min 'adzaabi jahannama wa na'udzu bika min 'adzaabil qabri wa na'udzu bika min fitnatil-masihihiddajjaal wa na'udzu bika min fitnatil-mahyaa wal-mamaat, Allahumma innaa na'udzu bika min al-hammi wal-hazani wa na'udzu bika min al-'ajzi wal-kasali wa na'udzu bika min al-jubni wal-bukhli wa na'udzu bika min ghalaabatid-daini wa qohril-rijaal, robbanaa aatinaa fid-dunyaa hasanah wa fil-aakhirati hasanah wa qinaa 'adzaaban-naar.

'Ibaadallahi, innallaha ya'murukum bil-'adli wal-ihsaani wa iitaa-i dzil-qurbaa wa yanhaa 'anil fahsyaa-i wal-munkari wal-baghyi ya'izhukum la'allakum tadhakkaron. Fadzkurullaha al-'adziima yadhkurkum wa ad'uuhu yastajib lakum wa ladz-dzikrullahi akbaru.

Ustadz M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.


Rekomendasi untuk Anda

Berita Terbaru


Zodiak Virgo Hari Ini

Percintaan

Dalam hal percintaan, Virgo akan merasakan kedekatan yang lebih dalam dengan pasangan. Bagi yang lajang, peluang untuk bertemu seseorang yang spesial cukup tinggi.



Virgo Selengkapnya







Our Network